
- Judul : Cai Ti Tirtayasa
- Karya : Kayla Kamila Hardi
- Unit : SMP Fatahillah
- Prestasi : Juara 2 kategori menulis cerita pendek (cerpen) dalam Bahasa Sunda pada ajang Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat Kota Tangerang

Sultan Ageng Tirtayasa
Baheula di Banten, aya saurang raja anu agung, jenengna Sultan Ageng Tirtayasa. Anjeunna lain raja anu calik wae di karaton, tapi raja anu resep ngajaga rahayatna.
Hiji enjing, Sultan Ageng angkat nganggo baju biasa. Anjeunna leumpang ka pilemburan, hoyong ningali kaayaan rahayatna langsung.
Di tengah jalan, anjeunna mendakan sawah anu lega, tapi garing. Taneuhna rengkak. Di sisi sawah aya saorang patani sepuh anu diuk bari ngahuleng. Ngaranna Abah Sarta.
Sultan nyampeurkeun, “Abah, naha sawahna garing kieu?”
Abah Sarta ngawalon bari sedih, “Pun, parantos tilu sasih teu turun hujan. Walungan Tirtayasa tebih, cai na hese dugi ka dieu. Pare abdi bade paeh.”
Baca Juga : Kayla Kamila Hardi Raih Juara 2 Lomba Menulis Cerpen Dalam Bahasa Sunda Kota Tangerang
Ngadangu eta, manah Sultan Ageng sedih. Anjeunna mikir, upami sawah paeh, rahayat bakal kalaparan. Upami rahayat kalaparan, nagara bakal lemah.
Dina wengi eta, Sultan teu sare. Anjeunna ngagambar di luhur kertas. Anjeunna gaduh ide.
Isukna, anjeunna ngumpulkeun para punggawa sareng rahayat. Anjeunna dawuh kalayan tarik, “Mulai poe ieu, urang bade ngagali susukan! Susukan ageung ti Walungan Tirtayasa langsung ka sawah-sawah urang!”
Rahayat kaget. “Susukan?” ceuk maranehna. “Tebih pisan, Pun.”
“Enya tebih, tapi upami urang damel babarengan, insya Allah tiasa,” walon Sultan.
Mimitian poe eta, sadayana gotong royong. Aya nu nyangkul, aya nu ngangkut batu, aya nu mawa cai. Panas panonpoe teu dirasa. Sultan Ageng aya di payun, milu nyangkul sareng rahayatna. Anjeunna masihan conto, yen pamimpin teh kudu milu damel, sanes nyuruh wungkul.
Sanggeus opat puluh poe damel tanpa eureun, ahirna cai herang ngocor ti walungan. Sora cai na tarik pisan. Cai ngalir ngaliwatan susukan anyar, asup ka sawah Abah Sarta anu garing.
Abah Sarta ceurik bagja. “Cai! Cai datang! Hatur nuhun Gusti, hatur nuhun Pun Sultan!”
Sawah-sawah jadi hejo deui. Pare jangkung, beas melimpah. Barudak leutik ulin di susukan bari seuri.
Ti harita rahayat Banten nyebut Sultan Ageng lain ngan pahlawan perang ngalawan Walanda, tapi pahlawan cai. Pahlawan anu masihan kahirupan.
Sabab cenah, ngalawan musuh make pedang mah gagah, tapi masihan cai pikeun rahayat anu haus mah langkung gagah.
![]()


